Gaya
Basa dina Basa Sunda
Gaya basa nya éta rakitan basa (kalimah) nu dipaké sangkan nimbulkeun
pangaruh (éfék) anu leleb karasana ka nu maca atawa nu ngadangukeun, ku jalan
ngabandingkeun hiji barang jeung barang séjénna. Gaya basa, ceuk istilah séjén,
mangrupa plastis-stilistik , nya éta lamun dipaké nyarita
atawa dilarapkeun dina kalimah, éstu matak jadi mamanis basa, écés témbrés
beunang rasa basana. (Wikipédia)
Gaya basa nya éta corak éksprési basa boh dina prosa boh puisi,
atawa cara kumaha ku pangarang dina ngagunakeun omongan (Iskandarwassid, 2003:
44). Gelarna gaya basa téh raket patalina jeung suasana kajiwaan nu maké basa,
ku kituna gaya basa nu dipaké bisa ngagambarkeun suasana kajiwaan panyajak.
Papasingan
Gaya Basa di antarana:
1. NGUPAMAKEUN (ngabandingkeun). Nilik
wandana, aya dua rupa:
1. Babandingan
Kabaheulaan (kaasup kana basa pakeman)
Sawaréh
make kecap babandingan (lir, cara, tanding, kawas, j/siga, asa), sawaréh deui
teu make kecap babandingan
Conto-conto
nu make kecap babandingan:
–
Angkat cara macan teu nangan
–
Jiga bueuk meunang mabuk
–
Kawas kapuk kaibunan
–
Siga careuh bulan
–
Asa dina pangimpian
a. lumpatna tarik kawas peucang.
b. Toni mah siga
bapana, awakna jangkung badag.
c. Kang Arip mah teu sagala bisa kawas adina.
Nu geus teu make kecap babandingan
–
Pipina kadu sapasi
–
Ambekna sakulit bawang
–
Nyaliksik ka bubuk leutik
2. Babandingan
Jaman Ayeuna
–
Gancangna kawas pesawat jét
–
Kawas Roméo jeung Juliét
Sawaréhna
deui tina basa serepan:
–
Babadamian téh manggih jalan buntu
–
Waktu téh sarua jeung duit
–
Angin subuh ngeharéwos
1. MIJALMA (personifikasi) =
Barang nu teu nyawaan atawa ogé sasatoan, diupamakeun boga polah kawas manusa
(jalma). Contona:
–
Gunung siga milu nguyung, lebak siga milu susah
–
Sang Surya lumungsur ti marcapada
–
Bulan ngintip tina sela-sela méga
–
Sora tarawangsa ngabangingik katebak angin
1. LALANDIHAN (métafora) =
Nganganti sesebutan. Ieu aya dua rupa:
A.
Pideudeuh (ngalandi nyebut pédah mikalucu). Contona:
–
Srikandi (awéwé nu
wanian)
–
Arjuna
(lalaki nu kasép)
– Si
Gégép (kiper nu hésé
kaasupan gulna)
B. Ocon
(ngalandi pikeun ngaheureuyan). Contona:
– Ujang
Gembru (budak
nu gendut)
–
Wayang Pangsisina (gédé, tapi taya gawé)
–
Bujangga Mikung (nu kakara diajar ngarang)
4. SINDIR ( alégori) = Omongan anu teu togmol,
dibalibirkeun (teu poksang).
Contona:
“Langkung saé nu ieu kanggo Euceu mah, nu kayas pikawayeun téh”
(maksudna
mah: “Entong éta, pikeun potongan gateuw kitu mah”)
“ahhh
da abdi mah cacah, sanés pangangung sapertos pangjenengan, atos wé damai”
(maksudna
mah: teu wani maju ka hukum, da hukum mah sok rajeun lolong ku
pangkat-darajat)
5. MOYOK (spot) = Nyawad, nyempad, nyepét, atawa
ngawada, tapi teu ku kasar.
Aya
tilu rupa:
A. Ngomong Dua (ironi):
“Profésor”
(nyebut ka
budak nu dianggep bodo)
“Ajengan”
(moyok ka nu
kakara santri tapi adigung)
“
Subuh-subuh teuing”
(nyebut ka nu
datang kabeurangan)
B. Meupeuh Lemes (sarkasmeu)
Contona:
“Mun hayang téréh dikubur, ulah mamawa tiwas kabatur!”
(ceuk
pulisi ka supir nu ngajalankeun mobilna tarik teuing)
C. Ngomong seukeut (sinis) =
Moyok nu leuwih rosa/jero teurakna. Sanajan, bisa jadi ari basana mah lemes.
Contona:
“titingalan téh aya ucing bulu hiris (cacah/somah), sugan téh candramawat (turunan ménak/ningrat)
sadayana”
“mangga
wé sadérék nu salaku sarjana nu mingpin deui, da ari abdi mah aki-aki bodo taya
kanyaho”
6. KADALON (pleonasmeu)
Kadalon = tina kecap dalu = leuwih.
Kadalon = leuwih makéna kecap (saenyana cukup sakali/sakecap, tapi dina
susastra dileuwihan téh pikeun nambahan sari/ jadi mamanis basa). Contona:
Ngupat
ngawada, naék ka luhur, turun ka handap, teuleum ka jero cai, ngomong
ngawangkong, ningali ku panon, déngé ku ceuli, jsb.
7. RARAHULAN (hiperbul/hiperbola)
Di dieu
mah nu leuwih téh lain kecapna, tapi ungkarana (sagala digedékeun).
Contona:
Digawé satengah paéh, dehemna saga gélédég, hulu dijieun suku, jsb.
Dina
sastra Pantun kacida digegedékeunana:
Kumisna mani ngajebug sagedé sapu injuk. Kumis pacorok jeung
janggot, sok matak mintul baliung, matak rompang karia kujang.
Bulu irung digelungan siga bangbara ngaliang. Bulu kélék dilélépé
siga nu nyoréndang koja. Bulu taktak digulungan siga nu manggul heurap
8. NGASOR (litotés)
Sabalikna
tina rarahulan, ngasor mah sagala dileutikkeun, dihandapkeun (sakapeung dipaké
pikeun ngahandapkeun diri/handap asor). Contona:
Tuangna gé karo uyah, teu aya naon-naon
Calik heula ka saung butut
Hatur lumayan, sasieureun sabeunyeureun.
Émutan cek abdi nu bodo, asa
piraku…………
9. RAGUMAN (syneodoche)
= anu
loba dihijikeun, atawa sabalikna, nu hiji/sawaréh dianggap kabéh
Aya dua
rupa:
1. Hurunan
(totem pro parte) = nyebut sakumna, padahal nyatana ngan saurang, sahiji,
sawaréh, atawa sabagian. Contona:
–
cau téh geus arasak dina tangkalna
–
mahasiswa Sunda keur ngiluan pasanggiri dangding
–
Indonesia keur pertandingan silat jeung Thailand
1. Tunggalan
(pars pro toto) = nyebut sabagian pikeun sajumlahna/sakabéhna.
–
Si Amud ti isuk mula teu katingali irungna
–
Jatah BLT pikeun sasirah téh saratus lima puluh rébu
–
“alatan cilaka kamari sukuna téh potong, jadi dibawa ka rumahsakit!”
10. RAUTAN (euphemisme) = iketan ungkara anu diganti ku nu leuwih
halon, pédah karasana cohag upama diucapkeun sahinasna. Contona:
– Badé
ka pengker heula/badé ka cai heula. (hayang kiih/kahampangan)
– Asep
Irama teu awas socana (lolong)
– Saéna
dilereskeun deui (lepat)
– “sareng anjeuna mah
nyarios téh kedah rada tarik, margi anjeuna kirag ngadangu” (torék)
- Bu, permios
abdi bade ka pengker heula (ka cai/wc)
- Dupi tuang ibu teh teu damang emutan?
(gelo)
- Leres tuang putra mah sesah nampi
pangajaran (bodo)
- Bumi mang Abeh mh kirang sae (butut)
- Pun Aki mah tos kirang Ngadangu
(bonge)
- rumaos, pangambung pun anak mah kirang
mancung (pengek)